Sabtu, 31 Mei 2008
Janji anu sulaya
beubeureuh pameungkeut deudeuh,
haté maskét geugeut jeung pageuh.
Malahan anjeun, kungsi balaka
anjeun mikacinta...ka kuring
anjeun mikanyaah jeung mikadeudeuh
anjeun are'k hirup babarengan
re'k satia jeung sauyunan.
Teu sangka ...
anjeun tega ..
ningalkeun kuring duaan.
anjeun tega...
ka kuring nu teu weléh ngadagoan.
Hanas kuring nganti-nganti
beurang jeung peuting
pasini nu bakal ngajadi hirup babarengan
Ayeuna anjeun teu miroséa kana janji
abong geus aya gantina .
hate kuring nyeuri...peurih..
hayang ceurik ngajerit maratan langit
ngoceak maratan jagat ..
Teu sangka..
anjeun te'ga neungteuinganan
ka kuring mu teu daya teu upaya
duh Gusti anu maha agung..
pasihan abdi kakiatan Gusti ...
Abdi Anu Teu Aya Daya
Ya Alloh…
Sujud abdi mung ka Alloh..
nyuhunkeun panangtayungan tina kaawonan dunya lan ahérat
sareng mundut ditebihkeun tina azab naraka
nyuhunkeun di caketkeun sagala kasaéan dunya lan ahérat
Ya Alloh…
Pasihan abdi kakiatan sareng kasabaran
dina enggoning mayunan kasempatan hirup..
Anu tos dipaparin sareng di percantekeun ka abdi, ya Alloh..
Salami abdi tiasa ngarénghap sareng ngucapkeun asma Alloh:
Abdi teu daya teu upaya ngalawan kana sagala ujian ti Alloh
Abdi teu daya teu upaya Upami Alloh teu masihan kakiatan
Sareng ngahapunten dosa abdi….
Ya Alloh…
Nyuhunkeun di hapunten sagala dosa
Abdi teu aya daya upami dilebetkeun kana azab Alloh
Ya Alloh....
abdi nyuhunkeun dihapunten sagala dosa abdi
Nyuhunkeun dihapunten dosa ibu-rama abdi
Nyuhunkeun dihapunten dosa jalmi jalmi anu ku abdi di pikanyaah
Nyuhunkeun dihapunten wargi wargi,
abdi… réréncangan abdi, oge sadaya umat anu kumelendang
Abdi teu sanggem sareng sieun upami dillebetkeun ka naraka.
Mudah mudahan Alloh tiasa mukakeun pantu sawarga
Ya Alloh..
Pasihan kagampilan kanggo ngarénghap
Limpahkeun rijki anu halal
Pasihan kakiatan sareng kasabaran..
Supados abdi tiasa neraskeun sésa umur abdi
Kana jalan anu di pikaridho ku Alloh..
Ya Alloh…
saleresna taya deui tempat kanggo abdi nyuhunkeun
Sareng sumujud…iwal ti ka ALLOH Nu Maha Agung..
Anu nyiptakeun bumi sareng langit tur eusina
Saleresna hirup sareng maot abdi mung kagungan Alloh.
Abdi pasrah sadaya-daya Ya Alloh…
Amin..yaa robbal alamin….
DEC 4-2007
(dimuat dina http://galuh-purba.com/abdi-anu-teu-aya-daya/
Hate Tunggara
Langit hideung, nyandak cipanonn anu ngembeng
Haté ngajerit maratan langit
Ngocéak maratan jagat
Anjeun téh aya dimana
Didieu, dipangumbaran abdi, sedih nyandak tunggara .
Dinten ieu, jalan panjang tos kabuka
kantun urang tiasa ngaléngkahna
Nyandak mangrébu carita,
nyandak rasa hateAnu tunggara
sareng haté nu gondewah.
Pangumbaran. Januari 3 -2008
(dimuat dina http://galuh-purba.com/hate-tunggara/)
Sajak Patah Hati
Berbungkus kain kafan
tapi belum mati
Terserak dan terberai
Tak mampu ku kumpulkan lagi
Aku memang sudah patah hati
— dikutip dari http://watonblog.wordpress.com/—-
Fasih di Lidah,Kelu di Hati
Tak kubayangkan panasnya sebara api
karena pada tiap julurannya
ditancapi duri-duri