Sabtu, 31 Mei 2008

Janji anu sulaya

Anjeun teh bébéné pamépés haté
beubeureuh pameungkeut deudeuh,
haté maskét geugeut jeung pageuh.

Malahan anjeun, kungsi balaka
anjeun mikacinta...ka kuring
anjeun mikanyaah jeung mikadeudeuh
anjeun are'k hirup babarengan
re'k satia jeung sauyunan.

Teu sangka ...
anjeun tega ..
ningalkeun kuring duaan.
anjeun tega...
ka kuring nu teu weléh ngadagoan.

Hanas kuring nganti-nganti

beurang jeung peuting
pasini nu bakal ngajadi hirup babarengan
Ayeuna anjeun teu miroséa kana janji
abong geus aya gantina .

hate kuring nyeuri...peurih..
hayang ceurik ngajerit maratan langit
ngoceak maratan jagat ..

Teu sangka..
anjeun te'ga neungteuinganan
ka kuring mu teu daya teu upaya
duh Gusti anu maha agung..
pasihan abdi kakiatan Gusti ...

1 komentar:

urainiaabbot mengatakan...

Gambling Commission: The National Gambling Commission
On 남양주 출장안마 August 20, 상주 출장샵 2019, the Gambling 창원 출장마사지 Commission (Gambling Commission) (“Commission”) has entered into an agreement 대구광역 출장샵 to conduct market and transact business with regulated and 전라북도 출장샵